Monday, November 4, 2013

Infotan : Repost PRANATA MANGSA (edited Dedeng ILH)

PRANATA MANGSA


            Pranata mangsa teh nyaeta perelean ngaran usum-usuman dina jero sataun, pangpangna perlu dikanyahokeun ku patani baheula.
KASA (Kahiji). Mangsa kahiji mimitina ti tanggal 21 Juni – 31 Juli, lilana 41 poe. Mangsa ieumah lain waktu keur tatanen sabab usum halodo.
Cicirena :
     -       Angin datangna ti kaler wetan,
     -       Loba tatangkalan nu murag dauna,
    -       Sato-sato laleutik kayaning jangkrik jeung sajabana endogna malegar,
-       Kaayaan hawa ti beurang karasana kacida panasna ari ti peuting tiris,
-       Lauk di walungan heunteu laliar,
-       Kaayaan taneuh panas,
-       Bentang wuluku aya di belah wetan,
-       Kalangkangna nepi ka kidul.
KARO (Kadua). Mangsa kadua mimitina ti tanggal 1 Agustus – 23 Agustus, lilana 23 poe. Perlambangna : Betule rengko tanah Beulah. Mangsa ieumah patani mimiti miara solokan pikeun kapentingan sawahna.
Cicirena :
-       Angin datangna ti kidul kaler nuju ka kulon,
-       Ti beurang tetep panas tipeuting tiris,
-       Taneuh gararing nepi ka beulah,
-       Solokan, walungan jeung sumur caina orot,  kadang-kadang aya anu saraat,
-       Tatangkalan barijil daun anyar (pucukan) saperti tangkal karet atawa jeruk,
-       Isuk-isuk bentang wuluku aya di wetan,
-       Tatangkalan bungbuahan mimiti karembangan,
-       Nu pepelakan palawija ngurangan, kajaba nu umurna pondok saperti bonteng, jaat, atawa oyong.
Katiga (Katilu). Mangsa katilu mimitina ti tanggal 24 Agustus – 16 September, lilana 24 poe. Perlambangna : Akar-akar mimiti barijil. Mangsa ieu waktuna  pamupukan pepelakan anu umurna panjang saperti kalapa, kadu, rambutan, peuteuy, cau, jeung sabangsana.
Cicirena :
-       Angin datangna ti kaler,
-       Hawa mimiti tiis tapi karasana seger,
-       Tatangkalan daraunan,
-       Palawija sedeng dipanen (diala hasilna),
-       Di sawah rata-rata nyurup caina tapi tempo-tempo geus aya nu tebar pare.
Kapat (Kaopat). Mangsa katilu mimitina ti tanggal 17 September – 11 Oktober, lilana 25 poe. Perlambangna : Gumading resmi (Gumbira). Mangsa ieu loba anu katerap nyeri beuteung jeung utah-utahan.
Cicirena :
-       Angin datangna ti kulon niupna muter nimbulkeun hujan atawa datangna hujan,
-       Mimiti kadenge sora gugur,
-       Sasatoan anu sukuna opat baleger (birahi), manuk-manuk nyarieun sayang rek ngendog, lauk di walungan tina liang-liang leuwi kalaluar (liar),
-       Tangkal randu baruahan tempo-tempo geus aya anu kolot buahna,
-       Gadung mimiti nyareng,
-       Patani sibuk panen palawija jeung ngagarap sawahna.
Kalima. Mangsa kalima mimitina ti tanggal 12 Oktober – 7 November, lilana 27 poe. Perlambangna : Pancuran sumawur ing jagat (musim hujan). Mangsa ieu waktuna ngagarap sawah.
Cicirena :
-       Angin niupna tarik, datangna ti kaler kulon bareng jeung hujan, ari hujan datangna sore-sore atawa isuk-isuk,
-       Tatangkalan loba anu raruntuh kaanginan, Siraru mimiti kalaluar tina hunyurna, oge bongborosan mimiti jadi,
-       Tangkal asem mimiti kaluar daun anyar, Patani giat ngurus huma,
-       Sabangsa oray jeung ulam mimiti kalaluar, oge laleur halaliber.
-       Tebar pare jero bulan November, sawah mimiti ditanduran, sabagian patani sibuk ngatur ngagarap sawahna, oge tebar, Bentang wuluku katembongna pasosore.
 
Kanem (Kagenep). Mangsa kagenep mimitina ti tanggal 8 November – 20 Desember, lilana 43 poe. Perlambangna : Ni’mating roso (ngarasakeun kanikmatan).
Cicirena :
-       Angin niupna tarik, datangna ti kulon,
-       Hujan loba,
-       Buah rambutan, kadu, dukuh, manggah geus arasak,
-       Bentang wuluku katembong pasosore,
-       Sawah anu cukup caina waktuna dirambet munggaran, malah dipagununganmah masih aya keneh nu keur ngagarap sawahna,
-       Sabangsa kutu kuya, getok, peupeundeuyan keur arendogan.
Kapitu (Katujuh). Mangsa katujuh mimitina ti tanggal 21 Desember – 1 Februari, lilana 42 poe. Perlambangna : Guci pecah ing lautan (guci Beulah di laut).  Mangsa ieu usum panyakit.  Di sawah pagunungan masih aya keneh nu keur talandur, jagong jeung kacang di huma meujeuhna diala hasilna.
Cicirena :
-       Hujan loba nepi ka timbul banjir,
-       Di sawah pagunungan bisa ditanduran,
-       Angin datangna ti kulon sarta teu tetep,
-       Hawa tiis, cai di sawah ngarepĂ©r saperti ngagolak, hiji tanda yen taneuh masih panas,
-       Sabangsa manuk teu pati disarada,
-       Kini-kini, kuang-kuang getok jeung peupeundeuyan aranakan,
-       Bentang wuluku katembongna pasosore.
Kawalu (Kadalapan). Mangsa kadalapan mimitina ti tanggal 2 Februari – 28 Februari, lilana 27 poe. Perlambangna : Puspo anjrah (jeroning kayung seungi sajeroning hate).  Mangsa ieu waktuna pepelakan umur panjang. Pare di huma mimiti bareukah. 
Cicirena :
-       Angin datangna ti kaler kulon niupna muter,
-       Hujan mimiti rada ngurangan,
-       Sabangsa bangbung, lege, kutu kuya hihiberan kaditu kadieu, kuuk kalaluar, ucing balaleger.
Kasongo (Kasalapan). Mangsa kasalapan mimitina ti tanggal 1 Maret – 25 Maret, lilana 25 poe. Perlambangna : Wedaling wacono (timbul babasaan).  Magsa ieu pare huma geus koneng sarta aya nu keur dipanen, nya kitu deui di sawah sawareh geus mimiti dipanen.
Cicirena :
-       Angin datangna ti kidul, tempo-tempo isuk-isuk sarta ngarusak kana pare nu keur bareukah,
-       Hujan beuki kurang tapi sora gugur loba,
-       Tonggeret, kasir disarada,
-       Loba panyakit panas, koreng, atawa nyeri beuteung.
Kasada (Kasapuluh). Mangsa kasapuluh mimitina ti tanggal 26 Maret – 17 April, lilana 23 poe. Perlambangna : Gedong ukeb jeroning kalbu (gedong jero hate).  Mangsa ieu di pagunungan parena geus arasak sarta sawareh paranen, anu subur ku cai mah sawahna keur digarap, sarta mimiti tebar.
Cicirena :
-       Angin datangna ti wetan kidul,
-       Sasatoan keur rareuneuh,
-       Sabangsa manuk recet disarada, sawarehna nyarieun sayang.
Desta (Kasabelas). Mangsa kasabelas mimitina ti tanggal 18 April – 10 Mei, lilana 23 poe. Perlambangna : Pamungkas sinorowedi(patani sibuk panen).  Mangsa ieu masih waktuna pepelakan palawija umur pendek.  Di sawah sibuk talandur atawa aya oge anu malawija saperti melak bako, jagong jeung sabangsana.
Cicirena :
-       Angin datangna ti kidul wetan,
-       Hawa panas, jeung taneuh panas,
-       Hama kungkang mimiti ngarusak pepelakan di sawah atawa di huma,
-       Tatangkalan mimiti dauna marurag.
Sada (Kaduabelas). Mangsa kaduabelas mimitina ti tanggal 11 Mei – 21 Juni, lilana 41 poe. Perlambangna : Tirta syaksing saseno (cai ninggalkeun tempatna).  Mangsa ieu waktuna tebar nyadon atawa melak palawija.
Cicirenna :
-       Angin datangna ti wetan,
-       Hawa tibeurang panas, ari tipeuting tiis (tiris) teu pati kaluar kesang,
-       Dangdaunan lalayu teu tahan panas,
-       Loba panyakit malaria, jalan ngebul, ari watek jelema babari napsu,
-       Datang hama pare.
 

Repost dari http://dedeng-imam.blogspot.com/2012/01/pranata-mangsa.html

 

No comments:

Post a Comment